Sumber: ISNET |
Dina surat Ar-Rum ayat 40 deugika 42, Alloh negeskeun ka manusa, yén ‘ngayugakeun kahirupan’ , ‘nyiptakeun rejeki’ ajang bekel hirup, ‘maot’ jeung ‘datangna poé kiyamah’ sadayana mangrupa sunnatulloh, sarta teu aya deui anu kawasa pikeun ngarobahna anging ku kakawasaan Alloh SWT. Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat jeung di laut nu jadi sabab pagawéan manusa, nu saterusna timbulna kaayaan nu sarwa kurang jeung ilangna saréat pirijkieun, éta mah sanes kalebet sunnatulloh, tapi alatan paripolah manusana sorangan nu teu nyekel pageuh naon nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. Alatan polah manusa saperti kitu oge, cirining manusa geus teu mampuh ngayakinkeun yén nu ngayugakeun ieu alam jeung nu salawasna nu maparin pituduh téh Alloh SWT.
Bukti-bukti arkéologis nu hasilna dikumpulkeun ku para elmuan tina sababaraha situs purbakala geus nuduhkeun, yén manusa modérn téh nu hirupna aya diluhureun fosil sejarah peradaban generasi manusa nu mampuh ngawangun kamajuan jeung karaharjaan, tapi maranéhna ancur nu leuwih-leuwih alatan naon nu geus dilakukeun. Di sagara keusik Arabia, di sababaraha dasar lautan, sarta dihandapeun tumpukan lava gunung Vesuvius geus kapanggih ayana titinggal peradaban manusa nu diperkirakeun ngadadak ancur.
Dina Al-Quran, seueur disebutkeun bangsa-bangsa nu diancurkeun alatan paripolah manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung akidah musyrik téa. Naha kumaha atuh hubungan kamusyrikan jeung karuksakan di muka bumi ieu téh?
Alloh nu maha ngayugakeun sadayana alam, Anjeuna geus ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. Alloh nu maha miara, nu ngajaga, tempatna panyalindungan. Alloh geus ngatur kalawan ditetepkeun ayanan hukum alam nu disebut sunna tasbudiyyah (kausalitas) kalawan sampurna. Alloh tempat pangbalikan sakabéh makhluk-Na. Ku kituna ku urang kedah teguh dina kayakinan yén teu aya deui pangeran nu ngajaga ieu alam anging aya dina pangjagaan Alloh, teu aya deui pangeran nu ngatur ieu alam jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh, ieu namina tauhid rububiyyah. Yakin yén teu aya deui pangeran nu wajib disembah angin hiji-hijina dzat Alloh, ieu namina tauhid ubudiyyah. Jeung yakin, yén Alloh mung hiji-hijina pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan, ieu namina tauhid uluhiyyah.
Alatan kabodoan manusa srta lolong dina kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi puserna katoatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina.
Alatan kabodoan manusa ogé, ahirna katalimbeng nepi ka makhluk dijadikeun “Tuhan” jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan ngajadikeun pangéran. Nu kieu ngaranna musyrik, nu jadi asal mula ditibankeunana sagala musibah.
Manusa ogé dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu, boh di darat boh di laut geus ngarasa jadi milikna sorangan, heunteu ngarasa yakin yén saleresna Alloh nu maha ngapimilik. Nepi ka maranéhna ngarasa mampu ngandalikeun akibat nu geus dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran maranehna. Maranéhna deui sombong, ngajadikeun yén elmu pangaweruhna hiji-hijina pituduh hirup sorangan. Nu kieu disebut kamusyrikan dina harti nu leuwih luas. Kitu deui alatan pamadegan éta, nu ngabalukarkeun timbulna musibah di alam semesta ieu.
Ku kituna, kahartos pisan, naon tiap Nabi jeung Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusa. Alatan kayakinan ka Alloh, manusa bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka bumi.
Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah caah, mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kayaan ruksak, musyrik. Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan manusa heunte apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakuen ieu alam jeung teu apal kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Nabi Adam nalika diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah.
Ku kituna nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu téh tanggung jawab manusa, tugas salaku khalifah, tugas urang yakin ka Alloh sarta tanggung jawab karana manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran potensi alam ieu.***